Di sisi gunung kuring nangtung
Loba impénan, loba lamunan
Ka tengah jalan kuring leumpang
Rék nyiar impénan dina lamunan
Kuring leumpang taya jugjugan
Nuturkeun dampal suku mawa léngkah
Nuturkeun awak kokoléangan
Nuturkeun harepan dina impénan
Kuring dipulung tina impénan
Kuring dibawa kana harepan
Muga laksana sagala harepan
Nu ti baheula dina impenan
Kuring nangtung ditungtung harepan
Nunggu impénan mawa jalan
Mawa jalan ka wanci nu rék datang
Wanci di mana kalaksana sagala impénan
Senin, 31 Agustus 2009
Langganan:
Posting Komentar (Atom)





Tidak ada komentar:
Posting Komentar